KUNINGAN, (VOX) - Maca media online asa caang panon komo lamun ningali berita Kuningan meunang penghargaan ieu itu, Kuningan prestasi dibidang ieu itu, jadi ti'is hate uing.
Palebah berita nu teu ngenah asa hareudang hate uing, loba masalah kasus moral sajaba perselingkuhan anggota dewan, perselingkuhan antara ASN, kasus narkoba, sajoli ka gerbeuk mesum di kosan, terakhir aya kades cabul pisan. "Astagfirulloh Kuningan nu agamis teh jadi naha kieu, lain melesat tapi meleset ahlak".
Nu leuwih parah loba jalma paeh gantung diri akibat teu boga beas, utang loba, geuring teu boga biaya keur berobat, stres ku pinjol. Waw jiga na bener Kuningan meunang prestasi miskin ekstrim teh.
Berita nu sejen Kuningan asup istilah WDP, korupsi PJU caang tarang na, dugaan korupsi RS. 45, RS Liniggajati utang ka Jamkesda katambah mal praktek, jalan geus diukur teu jadi dihadean, dewan ngaributkeun pokir lain gawe. "Asa panas hate abah nalangsa pisan Kuningan lembur uing naha jadi kieu".
Can deui kinerja pamarintah ka hambat ku ngarana sekda, teupikeun iraha sekda kudu dijabat Pj bae. Aya calon sekda jebolan open biding Bupati bingung ngangkatna, duka teu pas dina hate duka teu pas baju politik na. Kumaha rek melesat lamun nu ngurus intern pemerintahan na can aya. Ceuk abah mah cik atuh boga sikap pan calon teh aya tilu nu diangkat kudu hiji, jadi mending eta calon titah hompimpah bae saha nu meunang eta nu diangkat, atawa titah open biding deui ngan teu meunang luak liek nengan contekan komo deui titipan politik.
"Lamun abah jadi bupati, eta calon sekda ku abah rek diangkat kabeh tempatkeun di Kuningan hiji, di Luragung hiji, jeung di Subang hiji ambeh Kuningan ka urus kabeh".
Ha..ha..ulah didenge omongan abah mah da abah mah tukang ngadabrul tapi waras otak na. Sok pa Bupati gaskeun ngarah melesat jeung kudu sat set.
Oleh : Ir. Yanyan Anugraha
Persatuan Praktisi Hukum Indonesia